Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget Atas Posting

Sajak Wasiat Konglomerat

ku : Taufik Paturohman

Lamun apih paeh
pang bungkusken ku salambar boeh
ladang ngeleketek
dina rupa rupa proyek

Lamun apih nemahan pati
pang meserkeun padung jati
ladang ngumpulkeun komisi
jeung rupa rupa korupsi

Kontrak kontrak nu can di teken
jeung spk spk nu can di laksanakeun
awurkeun luhureun pedasan
na tetengker heg tuluisan

       parantos mulih ka kalenggan
       apih konglomerat tuladan


referensi : Di cutat dina saratus sajak sunda 1997:134

Posting Komentar untuk "Sajak Wasiat Konglomerat"